Senin, 29 Juni 2015

Lirik Lagu KH. Salimul Apip - Rundayan Rosululloh




RUNDAYA ROSULULLOH SAW
Wajib ka jalma islamna # Uninga rundayanana
Jeung Nabi utusan Alloh # Muhammad putra Abdulloh
Abdulloh putra Mutholib # Mutholib putra hasyim
Hasyim putra Abdi Manaf # Abdi Manaf putra Qushoy
Qushoy putrana kilab # Kilab putrana Murroh
Murroh putrana Ka'ab # Ka'ab putrana luay
Luay putrana Gholib # Gholib putrana Fihir
Fihir putrana Malik # Malik putrana Nadhor
Nadhor putrana Kinanah # Kinanah putrana Huzaimah
Huzaimah putrana Mudrikah # Mudrikah putrana Ilyas
Ilyas putrana Mudhor # Mudhor putrana Nizar
Nizar putrana Ma'ad # Ma'ad putrana Adnan
Nu wajib dugi ka Adnan # Ti Adnan dugi ka Adam
Heunte wajib uningana # Sabab taya jalan shoheh
Wajib deui uninganana # Rundaya nu ti ibuna
Jeung Nabi utusan Alloh # Muhammad putra Aminah
Aminah putra Wahhab # Wahab putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra Zuhroh # Zuhroh putra Kilab
Tepang deui di eyangnya # Di kilab jangawarengna
Janten ibu jeung raman # Masih keneh sarundayan

0 komentar

Posting Komentar

Silahkan tinggalkan jejak anda setelah berkunjung ke blog ini dengan sebuah komentar yang baik. Terima kasih